Kamis, 20 Desember 2018

Home

Nuju ngagoreng simeut
Assalamualaikum Wr Wb.

Wilujeung sumping di blog Goreng Simeut Cirangkong! 

Goreng Simeut Cirangkong nyaeta tuangeun tradisional anu bahana dina simeut sawah anu diasakan kucara digoreng sareng ngangge bumbu-bumbu warisan leluhur Desa Cirangkong, Kecamatan Cibatu, Kabupaten Purwakarta, Jawa Barat, anu rasa utamina nyaeta asem amis.

Goreng Simeut Cirangkong ngawitan icalan kirang langkung tilu warsih kapengker. Dingawitan diical dirorompok hungkul. Kabehdieuna salian icalan dirorompok, icalan oge mangkal dina mobil, teuras diical di pusat oleh-oleh khas Purwakarta, sareng tiasa dipeser oge ku cara online. J

Jangkauan anu maleserna ngawitan di sabudeureun kota Purwakarta, tatanggi kota sapertos Karawang, Subang, Bandung, Jakarta, dugi ka lintas Provinsi sapertos Jawa Tengah, Bali, sareng lintas Provinsi anu sanesna. Sabagian anu maleser aya anu langsung meser ka rorompok, aya oge anu dipaketkeun. 

Mingkin dieu mingkin kakoncara. Dugi ka wartawan TV sapertos TVRI Jawa Barat, Trans7, NetTV, dararongkap ngaliput Goreng Simeut Cirangkong.

Kangge ngajagi kaamanan konsumen, Goreng Simeut Cirangkong oge alhamdulillah atos ngagaduhan Sertifikat PIRT (Pangan Industri Rumah Tangga) di dinas kesehatan Purwakarta. Hiji ciri yeh produk Goreng Simeut Cirangkong aman dikonsumsi kumargi tos ngalangkungan cek laboratorium. Jantn aman kangge dikonsumsi, kecuali kangge jalmi anu ngagaduhan alergi, hnteu dianjurkeun nuang produk ieu kumargi efekna sok ateul.

Alamat produksi Goreng Simeut Cirangkong nyaeta di Kp. Cilandak RT. 003/001 Ds. Cirangkong Kec. Cibatu Kab. Purwakarta Prov. Jawa Barat. 

Dugi ka dangeut ieu produk Goreng Simeut Cirangkong In syaa Allah tiasa dipeser di:
  1. Rorompok, di Kp. Cilandak RT. 003/001 Ds. Cirangkong Kec. Cibatu Kab. Purwakarta Prov. Jawa Barat.
  2. Tempat mangkal di Jl. Raya Cimaung, Purwakarta payun Rs Rama hadi (dintn senen, salasa, rebo, kemis, saptu), di Payun SMA 1 kiduleun situ buleud (Khusus dintn minggon)
  3. Galeri Menong, Jl. Veteran, Purwakarta (kalereun Polres). Buka tiap dintn dingawitan tabuh 8 enjing dugi ka tabuh 8 wngi.
  4. Nasi Goreng Pedjuang, di Jl. Dr Kusuma Atmaja, Purwakarta (kuloneun alun2, payun donat madu/indomart). Buka unggal dintn kecuali minggu libur. Ngawitan tabuh 3 sontn dugi ka tabuh 10 wngi.
  5. Dipaketkeun.
Informasi salengkapna sarng pemesanan mangga hubungi HP atanapi WA  di 087879902829


Wassalamualaikum Wr Wb.


Yahya Kayud